Blogroll

About canszzinspiration

Manual Description Here: Ea eam labores imperdiet, apeirian democritum ei nam, doming neglegentur ad vis.

Saudaraku, Do’akanlah orangtuamu, Berbuat baiklah pada mereka, Sebelum kamu menyesalinya!

SerieSunda 2nd

" E R A "

Jaman ayeunamah, sigana budaya era geus leungit. Teu kolot teu budak, teu awewe teu lalaki, geus kurang kaera. Buktina lamun awewe gues teu era ieuh make calana pondok bari nyitak. Kitu deui dina make baju, geus teu era make baju anu nyitak jeung teu make leungeun baju, alias lekbong (kelek katembong) tea. Leuheung ari make papakean kitu di imah sorangan, tapi jaman ayeuna mah ka pasar oge, geus teu arera make baju jeung calana satengan buligir teh. Padahal urang salaku muslim geus papada apal, ulah jauh-jauh jiga kitu, katingali rambut sahelai we ku lian muhrimna, geus teu meunang sabenernamah.
Tongtonan tina tivi tetela geus mangaruhan masyarakat urang. Budaya barat geus ditiru ku masyarakat urang. Antukna, budaya urang sorangan beuki kapopohokeun.
Ti mimiti potongan baju, potongan buuk jeung sagala rupa tingkah polah urang barat geus diturutan. Akibatna, lian ti budaya, gaya hirup masyarakat urang geus katarajang budaya konsumerisme, tegesna hayang barang beuli wae. Lamun aya barang anyar, mode buuk anyar, warna buuk anyar, motor potongan anyar, masyarakat urang hayangna meuli wae. Padahalmah, barang-barang nu dibeuli can tangtu dibutuhkeun.
Cilakana, lamun budaya konsumerisme nincak ka rumaja awewe bari teu diimbangan ku kaayaan ekonomi. Loba kasus, barudak awewe ngajual diri. Lamun teu kitu, daek difoto buligir terus dipajang dina situs internet. Tetela pisan, rasa kaera teh leungit kajurung ku kahayang luhur jeung budaya era nu geus luntur.
Kalakuan sawareh budak ayeuna, lian teu boga kaera dina cara make papakean. Kalakuan oge aya nu pikaeraun. Sok mindeng katingali, di hiji tempat, barudak barobogohan dina emper Masjid Agung atawa di Taman Alun-Alun bari silih tangkeup sagala.
Nu paling teu boga kaera tangtuna oge para koruptor. Sok we, geus puguh diputus korupsi jeung dijebloskeun ka penjara oge, masih keneh bisa seuri bari dadah ka masyarakat. Euweuh riuk-riuk era atawa kaduhung. Teu boga cedo pisan! Padahal lamun boga kaera mah sasaha ge moal ngarasa aman ngalakukeun palanggaran, sabab najan teu katingali ku papada manusa ge, nu maha kawasamah teu luput merhatikeun, komo deui ieu disaksikeun ku sarerea.
Nu puguhnamah ayeunamah loba nu teu faham kana kahadean jeung teu sieun kana adzab anu bakal ditimpakeun ti nu ngersakeun kahirupan. Malahan lamun ceuk katerangan, “era sebagian tina iman”. Beu, boa, sabagian masyarakat urang geus teu baroga iman, Nya? ***
Read More...