Blogroll

Saudaraku, Do’akanlah orangtuamu, Berbuat baiklah pada mereka, Sebelum kamu menyesalinya!

SerieSunda 1st

"CIKARACAK"

Cikaracak teh cai nu ngeclak, alon, teu ngagolontor. Sakeclak-sakeclak, antare tapi mayeng. Biasana tina cinyusu nu rembes dina gawir atawa guha.
Aya paribasa cikaracak niggang batu, laun-laun jadi legok. Paribasa nu nyindekel kana tarekah nu taya kendatna, tepi ka bisa aya tapakna.
Cerdas pisan nu nyieun paribasa teh. Cikaracak minangka metafor bisa dipapandekeun kan laku nu sakuduna dipibanda ku urang salaku manusa. Utamana kana sumanget nu salawasna kudu dipiara sangkan bisa jadi cukang lantaran kahontalna cita-cita. Cikaracak jadi simbul tina sumanget eta, nu teu aral najan kudu nyanghareupan batu nu kacida teuasna. Teu gede, tapi aya. Teu jugala tapi bisa konsisten.
Teu sapira, enya, ceuk anggapan saliwatmah. Teu pira ukur cai ngeclak. Tiba ninggang batu teh mimitina mah ukur baseuh meueusan. Tapi lantaran ku terus-terusan tea, batu jadi legok. Sabaraha taun, puluhan atawa ratusan taun sangkan bisa kitu? Saha nu apal. Ngan mun ngamasalahkeun waktu, jawabanana tangtu relatif.
Jiga dina kahirupan urang. Taya nu apal, iraha hiji jalma bisa ngahontal atawa nyangking nu dipikahayangna. Iraha manehna bisa tepung jeung tung-tung carita nu baris jadi kareueus dina hirupna. Lantaran teu apal, taya deui cara iwal ti manehna kudu temen wekel mun tea mah yakin kana tujuanana, kudu boga sikep jeung sumanget nu teu getas harupateun, teu gampang kabawa nyimpang ku tetenjoan nu ngabibira, tepi ka cul dogdog tinggal igel.
Da mun kongkangmah meureun, saban jalma embung jiga cikaracak. Hayang jadi cai nu ngagolontor tepi ka taya nu bisa ngahalangan kana sagala kahayangna. Mun bisamah ngagulidag, narajang sakur panghalang.
Ngan nyakitu tea, sewang-sewangan geus boga alas hancengan. Mun tea kaparengkeun kudu nyorang sing sarwa kakurang, teu kudu ngarasula, komo jeung aral subaha. Urang bisa ngeunteung kana ketak cikaracak. Asal masih keneh boga sumanget jeung rasa percaya kana kamampuh sorangan pikeun neruskeun lajuning hirup sangkan tinemu huripna, diwuwuh du’a. Piraku henteu laksana.***

Related Post

Previous
Next Post »